Kamis, 12 Agustus 2010

Ramadhan

 Ku Eful Singawacana 

Ngeclakna bulan jadi kawitan;
ngantosan kabagjaan sakumna manusa;
henteu kanggo nu ngarala;
henteu oge kanggo nu nalangsa;
tapi samudaya nu nyekel pageuh ajaran Rosul;

Ruku' Sujud dilakonan;
mapag kaendahan bulan;
ngajerit seuri hate nu nyaah;
kana panghampura sareng rohmat Gusti;

dipatri ku niat wengi;
dibaca ku ayat suci;
sora kaagungan nyaliara;
minuhan jagat raya;

langit ge ngajerit;
nangis dibarengan syukur;
tos diamprokeun;
sareng bulan nu taya setan;

dibungkus ku manah someah;
dikeupeul ku lampah kanyaah;
sasarengan ngalengkah dina ieu polah;
ngan kembang takwa nu jadi merenah;

Sariak layung pang nepikeun ieu doa;
Panon poe pang nepungkeun deui beurang anu endah;
Awan beurang candak ieu kawajiban;
Angin peuting wayahna pang nepikeun ieu sunah;
ka Gusti nu Maha Kawasa;

Ayeuna geus waktuna ngitung bekel;
Ayeuna geus waktuna mapagkeun alam peuting;
Ayeuna geus waktuna ngurus diri;
Diri anu lakomot ku polah anu teu guna;



Tidak ada komentar:

Posting Komentar